Saturday, January 17, 2009

Kembali dari Haromain

Alhamdulillah. Sadaya puji kagungan Allah, mung ka anjeun-Na urang muji, nyuhunkeun pitulung, petuduh, katut ampunan. Urang nyalindung ka anjeun-Na tina sagala kajahatan jiwa tur kaawonan paripolah urang. Sing saha anu dipaparin putuduh ku Allah, mangka moal aya hiji jalmi oge anu bakal nyasarkeun atanapi nyilakakeun. Jeung sing saha anu disasarkeun ku Allah, mangka moal aya saurang oge anu bakal maparin pituduh.


Abdi nyakseni yen teu aya deui pangeran anu disembah anging Allah, Anu Maha Esa, tur teu aya sekutu keur anjeun-Na. Abdi oge nyakseni yen Muhammad eta hamba Allah tur utusan-Na.


Berkat rahmat miwah karunia Allah, Anu Maha Suci tur Maha Luhur, alhamdulillah mamabojong tiasa wangsul ka lemah cai kalawan salamet tur sehat. Mamabojong wangsul deui sabadana 40 dinten ngalakonan ibadah di haromain (dua tanah suci, Mekah sareng Madinah) pikeun ngalaksanakeun rukun Islam kalima. Seueur pisan kesan religi, sosial, edukasi, sareng lianna anu kaalaman ku mamabojong. Hatur nuhun Gusti kana panggilan Anjeun katut tiasa rengsena nedunan panggilan Anjeun. Sanajan ukur Anjeun anu apal kana nilai amal ibadah tur amal sapopoe sim kuring di tanah haromain, nanging miosna sareng wangsulna sim kuring ka lemah cai ngarupakeun kabungah tur kabagjaan nu teu aya papadana. Mudah-mudahan sadaya amal nu dipilampah sing jadi amal ibadah anu ditempatkeun di sisi Anjeun, Ya Allah. Nuhun Gusti.


Mamabojong oge ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketikabingahan ka wargi-wargi, sobat-sobat, tur sing saha anu kakait sareng lalampahan sim kuring, boh langsung atanapi henteu. Hatur nuhun kana doa katut bantosanana, sahingga mamabojong tiasa wangsul ka lemah cai kalawan salamet tur sehat. Jazaakallah khoiron katsiiro.


Teu hilap hapunten anu kasuhun, bilih aya anu kaganggu atanapi janten repot alatan lalampahan mamabojong.


Wilujeng tepang deui. Hayu urang bajoang keur hirup tur kahirupan urang bari teu weleh ningkatkeun amal tur katakwaan urang ka Allah SWT.